Dana

BARI JAJANTUNG RATUG Nami abdi Annisa. Rerencangan nyebatna Ica. Basa tatangga pasantrén nikahkeun putrina, abdi kaulem. Waktosna parasmanan, lagu Ujé diputer. “Engkaulah…..bidadari surgaku”. Emh, pameget mana teuing nu bakal ngadangdingkeun lagu eta ka abdi? Kahoyong mah, ieu mah kahoyong, seug atuh putra Kang Ajengan téh rada ulak-ilik ka abdi. Supados, teu kedah lunta tebih ti pasantren. Tiasa teras nyalurkeun hobi, neuleuman elmu agama, di dieu. "Téh Ica!" Sada nu nyalukan. Dilieuk, Nina. "Aya naon Nin?" "Disaur tuh ku Ceu Haji! Siga nu penting pisan." Ceu Haji Euis teh istri Kang Ajengan. Kagungan putra, jenengan Kang Maman, nembé diwisuda taun kamari, pinter dakwahna, halimpu suantenna, handap asor jalmina, kameumeut ibu-ibu pangaosan. Aya wartosna nuju milarian calon. Bari jajantung ratug, gura-giru nepangan Ceu Haji. Kasampak nuju ngajanteng di téras. "Ieu abdi Ceu!" Bari rengkuh. "Tai hayam meni pabalatak kitu. Cing geura pangnéangankeun elap. Terus pangepélkeun. Bagéan piket lin?” by Dana

Related Posts:

0 Response to "Dana"

Posting Komentar