Dana

MANYUN Genep bulan di panyabaan, Romadon waktuna balik. Sapanjang jalan, otak pagaliweuta jeung gelisna Si Nyai. Kasawang nikmatna ibadah engké di imah. Berjamaah puasa, berjamaah buka, berjamaah solat, pangpangna mah berjamaah ibadah nu hiji téa, nu barudak ulah apaleun. Bener, mun geus inget kana ibadah nu hiji eta, husyu digawé gé sok remen kaganggu. Datang ka buruan imah pas pisan dur Magrib. Teu langsung asup, kalah leong ka tukangeun imah, muru pancuran balong, maksud rék wudlu. Sup ka Imah, kasampak Si Nyai keur anteng lalajo tipi. Nempo kuring datang, jung manehna nangtung, nyampeurkeun siga nu rék ngarangkul. Gancang kuring nyaram: "Akang boga wudlu Nyi, mending geura ka cai wé jig!" Si Nyai diuk deui, manyun bari pok némbalan: "Nyai nuju teu solat Kang!" Ayeuna, ganti kuring nu manyun. by Dana

Related Posts:

0 Response to "Dana"

Posting Komentar